Sisindiran-Wawangsalan Bahasa-Basa Sunda |
Sisindiran-Wawangsalan Bahasa-Basa Sunda, Bahasa kolot mah sisindiran téh asalna tina kecap sindir. Mun nurutkeun kamus Basa Sunda karangan R.Satjadibrata, sindir téh hartina: “Kecap atawa omongan anu hartina henteu sacéréwéléna/saujratna” (ilikan kamus Basa Sunda karangan R.Satjadibrata, kaca 376). Sisindiran téh nyaéta: omongan anu dibalibirkeun, anu dibungkus. Nya kawajiban urang anu kudu mesékna sangkan ngarti kana naon eusina, tegesna mah sangkan ngarti kana naon anu dimaksud ku nu ngomong atawa nyindiran téa. Minangka parabot pikeun mesékna téa, urang kudu surti, lemes rasa seukeut harti. Tah mun geus kitu mah, kakara urang bakal bisa ngarti kana maksudna, mun teu kitu mah nya lapur wéh. Mun ditilik tina wangunanana, sisindiran téh bisa dibagi kieu: 1. Wawangsulan/wawangsalan: a) Bangbalikan lanjaran b) Bangbalikan dangding c) Wawangsalan dangding 2. Rarakitan: a) Nu ngandung birahi b) Nu ngandung piwulang c) Nu ngandung lulucon 3. Paparikan: a) Nu ngandung birahi b) Nu ngandung piwulang c) Nu ngandung lulucon (sésébréd) Lamun eusi salah sahiji sisindiran “meupeuh” ka batur, disebut sésébréd, asalna tina kecap sébréd = ngabetrik, meupeuh ka batur, puguh waé karasana matak peureus. Sésébréd, bisa mangrupa rarakitan atawa paparikan. Dina wawangsalan mah langka kapanggih. Jadi, pikeun nyindekkeun hiji rarakitan atawa paparikan bisa henteuna disebut sésébréd, urang kudu nalék eusi éta rarakitan atawa paparikan téa. Lamun eusina meupeuh ka batur, taaaahh.. nu kitu u ngarana sésébréd téh. Jengglénganana atawa gurat badagna sisindiran téh. Tulisan ka hareup ku uing nyoba digetrut nu kaasup wangunan sisindiran. Pikeun contona kamungkinan sauted heula nya, engké weh tulisan dina waktu séjén khusus dipangnéangkeun conto-conto séjénna. 1.WAWANGSULAN/WAWANGSALANWawangsulan asalna tina kecap wangsul (basa Jawa: wangsal), hartina wangsul atawa balik. Ku sabab kitu, wawangsulan téh osok disebut ogé bangbalikan. Nilik kana wangunanana, wawangsulan/wawangsalan téh bisa dibagi tilu bagéan, nyaéta: a) Bangbalikan lanjaran b) Bangbalikan dangding c) Wawangsalan dangding a) Bangbalikan Lanjaran Bangbalikan lanjaran, nyaéta: sisindiran anu sapadana (bait/kuplet) diwangun ku dua padalisan (jajar). Anu sajajar mimiti disebut cangkang, jajaran ka dua disebut eusi. Jumlah engang dina unggal-unggal jajaran kudu dalapan, purwakantina (sajakna ceuk basa Indonesia mah) nyaeta a – b, sarta aya bagéan anu disebut médium pikeun mindahkeun harti tina cangkang kana eusi. Contona siga kieu ; Teu beunang diopak kembung teu beunang dientong-entong (médiumna/eusina = lontong) Teu beunang ditiwu leuweung teu beunang dipikasono (médiumna/eusina = kaso) Ngeunaan bangbalikan lanjaran mah. Conto séjénna, engké baé ku uing dibérébétkeun nya. Énté ogé bisa nyieun sorangan asal saratna ulah lunta tina patokan-patokan nu geus dibéjérkeun tadi. b) Bangbalikan Dangding Bangbalikan dangding, nyaéta: bangbalikan lanjaran anu disusun tur dijieun dangding. Ku lantaran kitu, patokan-patokan anu aya dina bangbalikan lanjaran teu keuna pikeun bangbalikan dangding mah. Ku lantaran dijieun dangding téa, nya patokan-patokanana ogé robah nurutkeun patokan-patokan dangding na baé. Upamana dangdingna dina wangun pupuh dangdanggula, dina dangdanggula téh sapadana aya sapuluh jajar, atuh cukup ku lima bangbalikan lanjaran. Lain deui lamun wangunna dina pupuh sinom. Dina sinom mah, cukup ku opat satengah bangbalikan lanjaran. Pon kitu dina wangun pupuh lianna, saperti dina kinanti, cukup ukur ku tilu bangbalikan lanjaran, jeung saterusna. Sajaba tinu tadi dijéntrékeun, unggal jajaran bangbalikan dangding teu kudu dalapan engang, tapi gumantung kana aturan pupuh na téa. Jumlah engang unggal jajaran, guru laguna atawa rubah-robahna sora unggal tungtung jajaran (dangdingdeungna) éta kabéh gumantung kana aturan pupuhna. Aturan nyusun bangbalikan lanjaranana sina selang sekar, cangkang jeung eusina paselang. Wangunan bangbalikan dangding saperti kitu urang sebut waé bangbalikan dangding model kahiji. Sabab, aya deui bangbalikan dangding modél sejenna, nyaeta: “bangbalikan dangding modél kadua”. Dina bangbalikan dangding modél kadua ieu, cangkang jeung eusi téh disajajarkeun baé. Cangkang ayana dina angkatan wirahma, ari eusi ayana dina pungkasan wirahmana. Méh teu mulek teuing ku uing dituliskeun atuh keur contona nya. Conto Bangbalikan dangding model kahiji Dangdanggula Méga beureum surupna geus burit (cangkang) ngalanglayung panas pipikiran (eusi) Cikur jangkung jahé konéng (cangkang) naha teu palay tepang (eusi) Sim abdi mah ngabeunying leutik (cangkang) ari ras cimataan (eusi) Gedong tengah laut (cangkang) ![]() Paripaos gunting pameulahan gambir (cangkang) kacipta salamina (eusi) Sinom Balandongan ngujur jalan sok hayang geura los indit Kendang gedé pakauman dagdigdug rasaning ati Balé diréka masjid nya pikir bati rumajug Tegal tengah nagara laun-laun sugan jadi emas ancur sakieu nya karipuhan. Conto Bangbalikan dangding model kadua (cangkang jeung eusi disajajarkeun) Dangdanggula cai langit duh pupujan ati laleur hurung duh raja mustika puputon sekar kedaton pulas beureum duh lucu sanggah seungit sumpah gé wani yén engkang batur cadas niat badé estu tilam kuda seja béla santen bodas sanajan tepi ka pasti minyak sapi geus téga. c) Wawangsalan Dangding Saacan nyawalakeun bab wawangsalan dangding, urang bédakeun heula antara wawangsalan dangding jeung dangding. Boh dina wawangsalan dangding, boh dina dangding, duanana ogé bisa ngagunakeun pupuh anu jumlahna 17 téa. Ngan, dina wawangsalan dangding mah ngandung unsur-unsur bangbalikan. Tegesna, ngandung unsur-unsur “nu dibalikeun deui” atawa ngandung unsur “pesékeun”. Sedengkeun dina dangding mah teu aya unsur-unsur kitu, éstu ngan sacéréwéléna baé dina ngagambarkeun kaayaan téh. Boh ngagambarkeun: kaéndahan alam, atawa papatah, kajadian, jeung sajabana ti éta. Saperti: “Guguritan Laut Kidul”, “Sasambat Kuda Kahar”, “Kiamat Leutik”, “Eling-Eling Masing Eling”, jeung sajabana. Lamun dibandingkeun jeung bangbalikan dangding, bédana nyaéta: dina wawangsalan dangding mah wangunanana téh sapada (satu bait. Ind) cangkang wungkul, sapada deui eusi wungkul. Contona: Sinom (pada kahiji cangkang wungkul) siki tarum rina kembang badoang manuk badori eunteup dina kalijaga manuk walét jangjang beusi ![]() dina pucuk kembang tanjung kuma piakaleunana melak supa semar jadi daun bakung pisitan buah kokosan (pada kadua eusi wungkul) béak taun béak bulan ngadagoan bagja diri teu ayeuna sugan jaga rék weléh inggis ku bisi mikir beurang jeung peuting ripuh dipupuk ku bingung kuma piakaleunana sangkan téréh ngajadi gering nangtung mikiran munggah hoshosan. Naon-naon nu dimaksud sisindiran dina wangun kahiji, nyatana wawangsalan. Syukur lamun teu kaharti, jadi Énté bisa néang sumber séjén nu leuwih jéro. Ayeuna urang teruskeun kana wangun sisindiran nu kadua, nyaéta: Rarakitan. RARAKITANRarakitan, asal kecapna tina rakit, hartina: pasang. Sarakit, hartina sapasang. Jadi, rarakitan pihartieunana téh: Papasangan. Anu disebut rarakitan nyaeta: sisindiran anu sapadana diwangun ku opat jajar. Dua jajar (jajaran kahiji jeung kadua) mangrupa cangkang, dua jajar deui (jajaran katilu jeung kaopat) mangrupa eusina. Jajaran kahiji téhr, ngarakit jeung jajaran katilu, lamun jajaran nu kadua ngarakitna jeung jajaran kaopat. Purwakantina : a – b – a – b. Upama nilik kana eusina, rarakitan téh bisa dibagi-bagi jadi tilu bagéan, nyaéta: a) nu eusina ngandung birahi (karesep Énté lah nu kieu mah) b) nu eusina ngandung piwulang (nu Énté sok hareudang geningan mun dipapatahan téh) c) nu eusina ngandung lulucon (sésébréd) Conto rarakitan nu ngandung birahi kaduhung kuring ka Lémbang ka Lémbang ka Cibiana kaduhung kuring kagémbang kagémbang kieu rasana sapanjang jalan Soréang moal weléh diaspalan sapanjang tacan kasorang moal weléh diakalan Conto rarakitan nu ngandung piwulang meuli wajit jeung jawadah kapaké hajat kiparat masing rajin nya ibadah kapaké dunya akhérat méméh ngagelarkeun kasur samak heula ambéh rinéh méméh ngomongkeun ka batur tilik heula awak manéh (hehehehe….burayut kénéh euy…) Conto rarakitan nu ngandung lulucon (sésébréd) majar téh cau lampénéng cau kepok dina nyiru majarkeun téh lengkéh koneng gening nya dekok nya gembru (hahahaha…énté pisan ieu mah euy…) rarasaan melak cau teu nyaho mun melak cabé rarasaan asa lucu teu nyaho mun matak réhé Héhéhéhé….kitu meureun nu dimaksud rarakitan ogé. Saméméh panon uing beurat ku tunduh, urang tuluykeun kana wangun sisindiran nu katilu nya, nyaéta: Paparikan. PAPARIKAN![]() Paparikan, asalna tina kecap parek = deukeut. Wangun paparikan sarua jeung rarakitan. Anu ngabédakeunana, nyaéta: dina paparikan mah tara aya kecap anu dibalikan deui. Cangkang jeung eusina ngan “deukeut sorana” wungkul. Nilik kana eusina ogé sarua jeung rarakitan. Siga kieu conto-contona mah. Conto paparikan nu eusina ngandung birahi ngala saga sisi huma disamberan ku waliwis tiis raga tiis sukma lantaran jadi ka nu geulis suwangkung ulah dihumbut pikeun tihang papanjangan nu jangkung ulah sok imut bisi kuring kaédanan. Conto paparikan nu eusina ngandung piwulang ninyuh ubar ku cipati diwadahan piring gelas anu sabar éta pasti ku Allah dipikawelas papan kiara ditatah iraha jadi lomari mun bisa miara létah mokaha salamet diri Conto paparikan nu eusina ngandung lulucon (sésébréd) jeruk purut Cikaruncang jambu aér Wanayasa camerut hayang ka bujang susu laér teu karasa cau kepok keur rumégang dieunteupan bondol héjo keur dekok katambah égang ditambahan olol lého |
0 komentar:
Posting Komentar